Teater Sandekala

Pementasan Teater Sandekala ini merupakan adaptasi Roman Sunda "Sandekala" Karya Godi Suwarna,
Pemenang Penghargaan Sastra Sunda Rancage 2008
02 April 2008
Sandékala dina Téater

RIRIBUTAN jaman presidén Soeharto geus rék nincak 10 taun. Harita, Indonésia sasatna geunjleung ku rupa-rupa kajadian. Puseur dayeuh kahuruan. Mahasiswa demontrasi. Toko jeung sawatara wawangunan diranjah terus diduruk. Geus kitu Soeharto ngécagkeun kalungguhanana.

Kajadian nu matak ketir téh bisa jadi karasa kénéh ku nu ngalamanana mah. Unggal bulan Méi éta kajadian sok dipiéling. Gambaran kumaha gangasna oknum masarakat ditémbongkeun deui. Bugang patulayah. Nagara ngadadak geunjleung.

Rekaman kajadian mangsa awal révolusi téh milu mangaruhan kana karya sastra Sunda. Nu pangnémbrésna mah, nya dina novél Sandékala beunang Godi Suwarna. Ieu novél kungsi dilélér Hadiah D.K. Ardiwinata jeung Hadiah Sastra Rancagé 2008.

Nu natrat dina éta novél téh tangtu lain sual cutatan kajadian jaman krisis ékonomi jeung reformasi. Sandékala jadi dokuméntasi paripolah jelema. Digambarkeunana dina suasana satir, sakapeung sari-sari karikatural.

Sikep otoritér pamaréntah digambarkeun ngaliwatan tokoh camat jeung kuwu. Padahal, dina seuhseuhanana mah, ieu téh kritik ka sakur pamingpin nu boga paripolah sakama-kama. Bréh wéh dedegan pamingpin nu mawa karep sorangan, bari dibungbuan ku tradisi nu geus jadi kulit jadi daging: korupsi jeung kolusi.

Urusan korupsi tétéla henteu sirna ku datangna reformasi. Pasualan teu weléh aktual tur jadi gunem catur ti mangsa-mangsa. Ti dinya bisa kagambar, najan ieu novél nyutat kaayaan taun 1998, tapi dina enas-enasna masih kénéh aktual. Nya ti dinya pamianganana, pangna Wawan Sofyan saparakanca naratas pikeun nyieun adapatasi novél Sandékala dina wangun téater.

Téater Sandékala baris dipintonkeun di Bandung jeung Jakarta. Nu ngagarapna, Wawan Sofyan, geus moal disaha-saha dina dunya téater mah. Dina sastra Sunda, méméhna Wawan kungsi nyieun monolog tina carpon “Oknum” karya Hadi AKS. Malah nepi ka dipintonkeun di Ustrali sagala rupa.

Di Bandung, téater Sandékala baris dipintonkeun di G.K. Rumentang Siang, tanggal 23-24 Méi 2008. Geus kitu miang ka Jakarta, tempatna di Graha Bakti Budaya (DKJ), 8-9 Agustus 2008.

Pagelaran téater Sandékala meunang pangrojong ti Indonesian Corruption Watch, Mainteater, Perkumpulan Seni Indonesia, jeung WALHI. Keur ngeuyeubanana, baris aya diskusi publik deuih, tempatna di Gedung Indonésia Menggugat (Bandung) 22 Méi 2008, jeung di Galeri Cipta, TIM (Jakarta), dina bulan Juli 2008.***(Dan)


Sumber: http://cupumanik.com/manik/seratan/sandekala-dina-teater/
oleh Pementasan Teater Sandekala @ 9:07 PM;
0 komentar:
Posting Komentar
<< Home
 
TENTANG KAMI

Pementasan Teater Sandekala

Tentang Kami:
Profil Lengkap

KEGIATAN

PEMENTASAN TEATER:

Bandung

23 - 24 Mei 2008
pukul 13.00 WIB (pelajar) dan 20.00 WIB (umum)

Tempat:
Gedung Kesenian Rumentang Siang
Jalan Baranang Siang no.1
Bandung.


Jakarta

22 Juli 2008 berbahasa Indonesia
pukul 14.00 WIB (pelajar) dan 20.00 WIB (umum)

23 Juli 2008 hanya pukul 20.00 berbahasa Sunda

Tempat:
Graha Bhakti Budaya - TIM, Jakarta


DISKUSI PUBLIK:

Bandung

22 Mei 2008, pukul 10.00 WIB

Tempat:
Gedung Indonesia Menggugat (eks Landraad)
Jl Perintis Kemerdekaan, Bandung.


Jakarta

22 Juli 2008 Khusus Pelajar SMU, pukul 16.00 WIB setelah pementasan

Tempat:
Graha Bhakti Budaya - TIM Jakarta


PENYELENGGARA

DISELENGGARAKAN OLEH:

Indonesian Corruption Watch,
Mainteater,
Perkumpulan Seni Indonesia,
WALHI

Produser Eksekutif:
Chalid Muhammad,
Danang Widoyoko,
FX. Rudy Gunawan

dan DIDUKUNG OLEH:

ELSAM,
INFID,
Forum Belajar Bersama Prakarsa Rakyat - Bandung,
Forum Diskusi Wartawan Bandung,
Perkumpulan Praxis

Untuk kontak silahkan hubungi:

Produser
Andi K. Yuwono [0811182301]
Wawan Sofwan [081321344618]

Pimpinan Produksi
Zhu Khie Thian [081395281713]

Media Relations
Agung Yudha [0811870064]
R. Waluya Jati [0818854099]

Atau ke alamat sekretariat

Jl. Salemba Tengah No. 39-BB
Jakarta 10440-Indonesia
Telp (021) 3156907, 3156908
Fax (021) 3900810
mobile 0811182301
email: sandekala@gmail.com



ARTIKEL SEBELUMNYA
ARSIP
KOLOM SAPA


ShoutMix

JARINGAN KERJA


















MEDIA PARTNER




PENYANDANG DANA






STATISTIK

Free counter and web stats